Contoh Pidato Bahasa Sunda Sambutan Kepada Para Tamu Pada Pesta Pernikahan

https://oangsun.blogspot.com/2018/07/contoh-pidato-bahasa-sunda-sambutan.html
Pernikahan adalah upacara suci , dimana dilaksanakan oleh dua orang yakni seorang Pria dan seorang Wanita untuk menyatukan dua janji nikah secara norma agama , hukum dan sosial .Dalam Upacara pernikahan otomatis dihadiri banyak orang ,yang mana dihadiri oleh keluarga mempelai Pria dan Wanita.Untuk itu diperlukan pidato sambutan ke pada para tamu yang hadir , dikarenakan ditempat tinggal saya , adalah bahasa sunda , dalam kesehariannya maka dibawah ini adalah contoh Pidato sambutan kepada para Tamu pada pesta pernikahan .

Assalamualaikum Wr Wb

Alhamdulillahi rabbil'alamin wash shalatu wasalamu ' ala asyrafil anbiyaa i wal mursalin wa ala alihi washahbihi ajma'in.

Langkung tipayun simkuring manjatkeun puji syukur ka Dzat Allah SWT .Kalayan kudrat sareng Iradat Anjeunna dina dinten anu bagja ieu simkuring sakeluarga tiasa patepung lawung patepang wajah sareng bapa-bapa , ibu-ibu saderek sadaya kanggo nyaosan uleman simkuring dina raraga upacara pernikahan pun anak .............................ka..........................................

Simkuring sakulawarga ngaaos bingah nu taya hinggana ka para hadirin sadaya kalayan pinuh perhatosan sareng maparin do'a restuna dina upacara pernikahan pun anak ieu.

Teu hilap sim kuring sakulawarga ngahaturkeun nuhun ka para wargi sadaya . Nu mudah-mudahan ka sumpingna para wargi sadaya kadieu janten marga lantaran kahontalan kabagjaan hirup khususna ka pun anak anu ditikahkeun umumna kanggo urang sadaya dina mangsa nu bade dongkap .

Akhirna simkuring neda pidu'a ti para ibu , para bapa sareng saderek sadayana, mudah-mudahan panganten anu nembe jatuk rami sing dipaparin kajembaran hirupna , parek rezeki jauh tina balaina sarta sing dipaparinan turunan anu sae , anu sholeh anu kersa kumawula kanu janten ibu ramana , ibadah ka Pangeran Nu Maha Kawasa . Aamiin ya Allah ya Rabbal ' Alamin

Wassalamualaikum Wr Wb

Subscribe to receive free email updates: