Tebak-tebakan dalam Bahasa Sunda (Tatarucingan)

https://oangsun.blogspot.com/2018/11/tebak-tebakan-dalam-bahasa-sunda.html

Budak leutik bisa ngapung ,
Babaku ngapungna peuting,
guriling kakalayagan,
malingan nu amis-amis,
Saupaning bubuahan
naon bae nu kapanggih 


Ari beurang ngagarantung ,
Pinuh dina tangkal kai,
disada kokoreakan,
cik hempek ku Ohan pikir,
Nu kitu naon ngaranna,
Tatarucingan 1
  • Hayam naon anu sukuna sarebu ?
  • Kaca an nu sok disada ?
  • Naon sababna anjing keu lumpat sok ngalieuk bae katukang ?
  • Naon Sababna ban sapedah anu tukang sok babari gundul ?
  • Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna ?
  • Aya balon sapuluh ,bitu hiji , kempes tilu , kari sabaraha deui ?
  • Ari Sakintal bisa jadi sapuluh kilo ?
  • Hayam naon anu keur jengke ?
  • Kaca naon anu pang beuratna ?
  • Naon sababna kareta api majuna ngarayap ?
Jawabanana
  • Hayam keur pawai
  • Kacapi
  • Sabab teu make kaca spion
  • Balas cape mikir kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
  • Gitar
  • Kari 9 da nu kempesna ditiup deui
  • Bisa lamun kiloanana ruksak
  • Hayam nu keur sondah
  • Kacalikan gajah
  • Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
Tatarucigan 2
  • Kaca naon anu seungit ?
  • Kaca naon anu nyeri ?
  • Petina hiji , mayitna loba ?
  • Budak dugul asup kana embel ?
  • Soeh teu bisa dikaput , kotor teu bisa diseuseuh?
  • Kunaon tukang baso nakolan mangkok ?
  • Kapas 2 kg , batu 1 kg , lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana ?
  • Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah ?
  • Jalma meuli kasur keur naon?
  • Pare naon anu teu ngeunah ?
👋🙏🙌😾😾
Jawabanana
  • Kacapiring
  • Kacabok
  • Korek api
  • Cilok
  • Keretas
  • Ku sendok
  • Nyeri sukuna
  • Kutu
  • Keur Beunta
  • Parea - rea Omong
Tatarucingan
  • Make baju bodas lain dokter , make topi hejo lain tentara ?
  • Diubek diteangan geus kapanggih  dipiceun?
  • Sato naon nu teu bisaeun mundur ?
  • Bangku naon anu bisa didahar ?
  • Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar , sakali nyebut ?
  • Batu naon anu teu aya dicai ?
  • Oray naon anu teu bisaeun ngaleor ?
  • Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat ?
  • Dluar koneng , dijero bodas , nu apaleun monyet ?
  • Hayam naon nu suku na hiji ?
Jawabanana
  • Toge
  • Korong
  • Sato nu nukangan tembok
  • Bangkuang
  • Rujak
  • Batu garing
  • Oray nu ngalegleg linggis
  • Aki-aki anu make iteuk jeung kacamata
  • Cau
  • Hayam nu keur jengke
Tatarucingan
  • Naon sababna lamun numpak mobil sok nundutan?
  • Bapana udud , indungna nyeuseuh , anakna ceurik ?
  • Gajah numpak becak , gede naonna?
  • Baso dibalikeun jadi naon ?
  • Awakna leutik pisan , sirahna gede pisan ?
  • Nini - nini bongkok kumaha sarena ?
  • Piring naon anu bisa dipake nempo bulan ?
  • Manuk naon anu jangjangna dina suku , sirahna dina suku ?
  • Nan sababna ban mobil dina karet ?
  • Sapi naon anu bau ?
Jawabanana
  • Sabab ban na buleud
  • Kareta api
  • Gede bohongna
  • Bahe
  • Sireum pake helm
  • Peureum
  • Piring bolong
  • Manuk anu katincak
  • Mun tina coklat pasti digembrong sireum
  • Sapiteng
Tatarucingan
  • Piring naon anu pangrame-rame na di Indonesia
  • Pribumi diluar ari semah dijero
  • Dicabak beye ,ditakol ngabelentrang
  • Diusapan , didengkakkeun,tuluy disaupkeun
  • Diluar hujan angin , dijero WC hujan naon?
  • Hayamna bodas , naonna anu hideung
  • Buah naon nu dipikaresep lalaki ?
  • Jam naon anu bisa nembang
  • Monyet naek kana tangkal kai , tinggal naonna?
Jawabanana
  • Piringatan 17 Agustus
  • Tukang becak mawa panumpang
  • Tai kotok dina gantar
  • Kacamata
  • Hujan heujeun
  • Kalangkangna
  • Buahenol
  • Jamrud
  • Tinggal turunna

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tebak-tebakan dalam Bahasa Sunda (Tatarucingan)"