Paribahasa Jeung Babasan Sunda Tina Hurup M dan N

https://oangsun.blogspot.com/2020/01/paribahasa-jeung-babasan-sunda-tina.html#more

  • Monyet Kapalingan Jagong
Bangsat kabangsatan, maling kamalingan, tukang tipu katipu
  • Moro Julang ngaleupasankeun peusing
Barang anu geus kapimilik dipiceun alatan hayang anu leuwih alus deui bari jeung can karuhan bisa kapimilik
  • Nete Taraje Nincak Hambalan
Digawe tihandap heula atawa bertahap maju kaluhur
  • Neutreuk curuk dina pingping
Nyilakakeun dulur atawa babaturan sorangan tapi nu ngalakukeunana milu cilaka
  •  Ngaboretekeun Bujur di Pasar
Ngabolerekeun rusiah pribadi
  • Ngabudi Ucing
Pura-pura teu hayang padahal nungguan jalma bongoh
  • Ngabuntut Bangkong
Teu bisa nerangkeun kalayan ngawincik atawa teu puguh kacindekanana
  • Ngaburuy
Ngan disuguhan nginum wungkul euweuh lalawuhna
  • Ngacak Ngebur
Bebas ngalakukeun wae alatan geus sagala siap tur sadia
  •  Ngadagoan Belut sisitan Oray Buluan
Nungguan Perkara anu pamohalan kajadian
  • Ngadagoan Kuah Beukah 
Ngadagoan dahareun sesa
  • Nungguan Kuda Tandukan
Miharep hal-hal anu mustahil kasorang
  • Ngadek sacekna niplas saplasna
Nyarita saujratna tanpa disumput disalindungkeun
  • Ngadeupaan Lincar
Teu daek ingkah ti pipir imah anu keur kariyaaan kalayan harepan hayang diondang
  • Ngadago-dago dawuh
Jalma anu keur sakarat ngadagoan maot
  • Ngadu angklung di pasar
Masualkeun masalah nu euweuh gunana di hareupan jalma rea alias debat kusir
  • Ngadu-ngadu rajawisuna
Ngahudangkeun dua jalma nepi ka pasea rongkah alias provokator
  • Ngagendong sangu susah nyatu
Sabenerna loba titaheun nu bisa dipenta tulung, boh anak boh dulur, api euweuh nu daek dititah
  • Ngaletak ciduh
Narik deui omongan anu geus diucapkeun kabatur
  • Ngalungkeun kuya ka leuwi
Nempatkeun atawa mindahkeun pagawe ka lembur tempat lahirna
  • Mamatahan ngojay ka meri
Ngajar atawa mamatahan ka jalma anu gus ngarti
  • Ngodok liang buntu
Teu menang nananon, padahal geus ihtiar ka ditu kadieu
  • Ngawur ka sintu, nyieuhkeun hayam
Sikep alus ka jalma sejen tapi ka kulawarga sorangan sabalikna, goreng sikep


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Paribahasa Jeung Babasan Sunda Tina Hurup M dan N"