Contoh Pidato Perpisahan Paturay Tineung Ti Guru ka Murid

https://oangsun.blogspot.com/2018/12/contoh-pidato-perpisahan-paturay.html

Alhamdulillahirrobbil' alamim , wabihi nasta'inu ala umurid dunya waddin wa'ala alihi washahbihi ajmain

Bapa ngucapken syukur Alhamdulillah ka Pangeran Maha Kawasa ku ayana hidep geus lulus tina ujian akhir kalawan nilai nu cukup ngagumbirakeun , eta kabeh hasil dina jerih payah aranjeun ngagunakeun waktu pikeun soson diajar.

Moal sabaraha lila deui hidep bakal ninggalkeun ieu patempatan , tempat hidep diajar .Tempat hidep nyiar elmu , oge sajabana eta hidep tangtu bakal ninggalkeun  ibu bapa guru.

Hidep sadayana ! ti bapa  amanat keur hidep dimana bae ayana poma ulat dugikeun poho kana kawajiban urang salaku manusa , gunakeun hirup hidep eta sahade-hadena , mangpang meungpeung hidep masih keneh ngora , teruskeun nungtut elmu teh  nepi ka hidep  hasil ngahontal cita-cita anu dimaksud.

Malahan jungjunan urang sadaya marentah sangkan terus nyiar elmu pangaweruh sahingga nepi kana liang kubur , nu dimaksud nyaeta hartina , salila urang hirup diwajibkeun nungtut elmu pangaweruh , pikeun bekel hirup tur kahirupan urang sarerea.

Salah sahiji katerangan hadits Rasulallah SAW . Netelakeun kieu :


طَلَبُ اْلعِلْمِ فَرِيْضَةٌعَلى كُِلّ مُسْلِمٍ وَمُسْلِمَةٍ مِنَ اْ لمَهْدِ اِلىَ اللَّحْدِ

THALABUL 'ILMI FARIDLATUN 'ALA KULLI MUSLIMIN WAL MUSLIMATIN MINAL MAHDI ILAL LAHDI"

"Kawajiban nyiar elmu teh ti mimiti lesot tina aisan nu jadi indung nepi kana liang kubur ".

Kabagjaan teh hiji hal anu ku sarerea dipikahayang ,sagala rupa oge aya jalanna , jalan ka surga nyaeta elmu .Surga tujuan akhir tina sagala kahirupan , surga teh hiji tempat anu pinuh ku ka'nimatan Pangeran.

Pikeun ngaronjatkeun kabagjaan surga teh perlu sarana , diantarana takwa , nyaeta ngalaksanakeun ParentahNa jeung ngajauhan sagala laranganNa .Kutakwa pasti surga bakal kahontal ,sabab surga  teh disadiakeun pikeun jalma anu takwa , sakumaha dawuhan Allah surat Al Imran ayat 133 anu hartina:

" Jeung prakna maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah jen\ung surga anu legana sarua jeung pirang-pirang langit katut bumi , anu dicawiskeun pikeu jalma-jalma anu takwa"

Elmu anu ku hidep katampa masih keneh saeutik , kusabab kitu teruskeun sakola hidep sangka hidep jadi jalma anu pinuh ku elmu jembar ku pangabisa.

Dawuhan Allah dina Alquran nu hartosna :"Bejakeun ku maneh Muhammmad lamun mah lautan jadi mangsina (pikeun nuliskeun kalimah-kalimah Allah) pasti bakal beak eta lautan samemeh beak ditulis kalimah-kalimah Allah sanajan ditambah sakitu deui ."

Sakitu ti bapa mudah-mudahan jadi bahan peringetan piken hidep dimana hidep tangtu bakal paanggang jeung bapa - ibu guru didieu sarta bapa ngadorong ku doa pikeun hidep sarerea, bral geura miang nyiar luang pikeun bekel kahirupan hidep

Akhrul kalam ,wassalamu'alaikum Wr.Wb.





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Contoh Pidato Perpisahan Paturay Tineung Ti Guru ka Murid "