Puisi Bahasa Sunda Pepeling

https://oangsun.blogspot.com/2019/09/puisi-bahasa-sunda-pepeling.html


PEPELING
Karya: Tubagus Muhammad Sulaeman

Ku Welas Asih dikawitan
Abdi ngadamel Tulisan
Puji sinarengan sukuran
Eta tetep ka pangeran

Rohmat salam ka jungjunan
Nabi Nu Janten Panutan
Wa badu ieu tulisan
Pepeling ka ihwan-ihwan

Netelakeun Ahir Jaman 
Kawas tos acak-acakan
muga aya mangpaatna
Husus kanu ngadamelna

Umumna ka sadayana
Anu tos kersa macana
Nyaeta mang pirang-pirang
keretas bacaeun urang

Keur anu ageung harepan
Tur anu panjang emutan
Hayang hasil kauntungan
Kabagjaan kasalametan

Meungpeung hirup direjekian
Ku Pangersana Pangeran
Dulur-dulur Ihwan-ihwan
Geura eling ka Pangeran

Ulah sok nurutan jaman 
Masih nyaah kana iman
Sabab dina ieu jaman
Lamun urang teu mageuhan

Kana Islam jeung iman
Tangtu ahlak kawas setan
Masing getol ngadatangan
Kana tempat pangajian

Waktu teh kalintang penting
Dulur-dulur prak sing rajin
Ulah loba teuing ulin 
Sing loba hudang ti peuting

Ngamalkeun keur waktu jempling
Sabab di jaman kiwari
Geus loba pisan anu wara wiri
Urang ulah ka bawa teu eling

Elmu kudu dipilari ku urang sorangan
Dina sagala rupi jalan
Pituduh ti Pangeran
Sangkan hirup meunang ka tentreman

Kasadaya dulur-dulur
Solat ulah ngandelkeun batur
Komo bari jeung takabur
Engke bisi ti gejebur

Sok sanajan boga bapa
Ahli elmu tur ulama
Meungpeung hirup di dunya
Lamun teu maksakeun rek iraha

Hayu urang ngeunteung ka diri
Laku lampah nu kamari
Nu sae urang tambahan
Nu awon urang omean

Kedah isin ku mahluk lian
Oge saeusina alam
Nu weleh dikir ka Pangeran
Ku kodratna sewang-sewangan


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Puisi Bahasa Sunda Pepeling "