Pantun Pituah

https://oangsun.blogspot.com/2019/11/pantun-pituah.html

Lamun dahar noga
Kudu daek nya meulina
Lamun hayang asup surga
Kudu tuhu kana solatna

Ngala tutut ka talaga
Alatna pacul ayakan
Kitu patut hayang ka surga
Solatna ge tara pisan

Lamun ulin ka talaga
Balikna sok bawa barang bawa
Lamu urang hayang surga
Jalanna nya eta takwa

Daun salasih ngareluk
Disimeutan awi beulah
Nu asih ka pada mahluk
Di rahmat ku gusti Alloh

Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandah seupahan
Jalma anu alus budi
Pasti loba anu resepeun

Ka mana jalan asia
Tuh ka ditu ka palih wetan
Ka mana jalan ka surga
Tuh kaditu ka pangaosan

Ka pasar meser ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna

Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahe
Mun budak kedul diajar
Hanjakal ke geus gede

Mun engke ka bojong menje
Bakal nguriling jalanna
Mun diajarna talangke
Bakal kaduhung ahirna

Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Pangarti teu berat nanggung
Tapi mangpaatna manjang

Samping kageutahan dukuh
Dikeulabkeun dicaikeun
Nu matak urang sing kukuh
Papatah guru diturutkeun

Angeun hurang sapariuk
Bawangna ngan dua sihung
Ulah mungpang ka piwuruk
Bisi akhirna kaduhung

Salila milu ka dinya
Teangan roda padati
Salila hirup di dunya
Teangan elmu pangarti

Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rek ngadaharna
Jalma nu sok gede ambek
Bakal kaduhung ahirna

Ngawaluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rek diajar
Hayu ngadaro'a heula

Lamun poek nyeungeut lilin
Teu pati caang seuneuna
Ulah ngalobakeun ulin
Bisi kaduhung ahirna





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pantun Pituah"