Paribasa Jeung Babasan Sunda Tina Hurup H, J, K


Harus omong batan goong
(Gampangan nyebarkeun beja nu masih keneh samar-samar benerna)

Hejo tihang
(Henteu betahan digawe dihiji tempat alias resep pipindahan digawe atawa gunta-ganti pakasaban tapi teu jaman)

Jahung tumalapung
(Milu nyarita dina hiji riungan tapi alatan kapaksa)

Jauh dijugjug anggang diteang
(Sanajan jauh tetep ditepungan. Masalah  anggang teu jadi halangan)

Jauh tanah ka langit 
(Miharep kana hiji hal nu mustahil bisa karandapan)

Jawadah tutung biritna sacarana-sacarana
(Unggal lingkungan atawa daerah boga adat jeung kabiasaan masing-masing)

Jalma atah warah
(Boga sipat goreng alatan kurang atikan)

Jauh bedug anggang ka dulang
(Jalma teu nyaho kana sifatna sorangan)

Kabeungbeurat Dada
(Sagala hal nu jadi tanggung jawab dina hirup sapopoe)

Kabawa ku sakaba-kaba
(Kapangaruhan ku hal-hal nu kurang hade)

Kabedil langit kabentar gelap
(Poho deui ka jalma nu bihari kungsi panggih alatan geus lila pisan henteu tepung)

Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak
(Ngagambarkeun karukunan dina lakirabi atawa dilingkungan masyarakat)

Kacanir bangban
(Meunang kaera ku kalakuan sorangan)

Kaceluk ka awan-awan
(Dipikawanoh atawa kamashur kamana-mana)

Kaciwit kulit kabawa daging
(Kababawa goreng ku sikap kulawarga batur atawa jalma sejen)

Kajeun kendor dapon ngagembol
(Lila teu jadi masalah, nupenting mah meunang hasil numucekil)

Katuliskeun jurig
(Tina banyol jadi kenyataan)

Kurang jeujeuhan
(Kurang ati-ati jeung kurang itungan dina saban lengkah)

Labuh diuk tiba neundeut
(Sabababraha kali ngalakukeun kasalahan anu sarua)

Lain bantrak-bantrakkeun
(Henteu bisa dielehkeun atawa susah mandinganana)

Lalaki kembang kemangi
(Lalaki anu heunteu mampuh nyumponan kabutuhan rumah tanggana)

Lalaki langit lalang jagat
(Lalaki kasep, gagah, ganteng tur sampurna penampilanana)

Lantip budi
(Jalma anu getapan alias peka, babari ngarti alias surti kana perasaan jalma sejen)

Legok tapak genteng kadek
(Jalma anu ridu ku elmu riba ku pangabisa katut pangalaman, sarta loba kanyahona)






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Paribasa Jeung Babasan Sunda Tina Hurup H, J, K"