Paribasa jeung Babasan Sunda Tina Hurup B

https://oangsun.blogspot.com/2019/11/paribasa-jeung-babasan-sunda-tina-hurup.html

Bahe Carek 
(Gampang nyarekan ka batur, babari pisan ngaluarkeun omomgan nu goreng)

Bahula ka nu kawasa
(Tara nurut kana parentah)

Balabar Kawat
(Saembara; Sayembara)

Bala harti
(Sala harti/ beda kamandang; salah pengertian)

Bali geusan ngajadi
(Tempat lahir, lembur matuh, lemah cai)

Bancang kakewuh
(Picilakaeun, pikasusaheun)

Banda sasampiran nyawa gagaduhan
(Teu daya teu upaya sadaya kagungan jeung kersaning Alloh, nyawa jeung banda ukur titipan Alloh SWT).

Banda tatalang raga
(Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak)

 Banting Tulang
(Digawe popohoan; jorjoran)

Batok Bulu Eusi Madu
(Siga nu bodo padahal pinter)

Batu turun keusik naek
(Dilarapkeun ka jalma anu sarua sukana/micintana)

Beak Dengkak
(Beak akal, geus euweuh akal deui, paeh poso, teter)

Bear Budi
(Marahmay budi, someah;ramah;sopan)

Bengkok Tikoro
(Teu kabagean kadaharan istimewa lantaran kabeakan manten alatan datangna telat)

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
(Babarengan jeung batur saimah atawa babaturan dina kaayaan suka jeung duka)

Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang
(Kabisana ngan nitah wungkul, teu daek migawe sorangan)

Beungeut nyanghareup ati mungkir
(Heunteu satuhu, omonganana teu luyu jeung hate; munafik)

Beurat Birit
(Ngedul, malas)

Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana
(Kacida tumarima kana kahadean batur, ditulungan dina waktu keur butuh pisan)

Bisa kabula-kabale
(Bisa campur rukun jeung unggal jelema atawa jeung unggal golongan)

Bodo alahmatan kebo 
(Bodo leuwih ti munding)

Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
(Ngan darma neruskeun, tarima dititah)

Bobo sapanon carakan sapakan
(Teu beres entep seureuhna, teu puguh undak usukna)

Bobo pangayom timbang taraju
(Nimbang-nimbang perkara nu saadil-adilna)

Bodo alewoh
(Rumasa bodo tapi daek tetlepek atawa tatanya kanu pinter)

Bodo katotoloyoh
(Teu daek nurut kana nasehat batur, tara daek tatanya)

Bogoh nogencang
(Bogoh sosoranganan, teu dilayanan; bertepuk sebelah tangan)

Budi Anteng
(Teu gugup; kalem; teu demam panggung)

Bujang jenglengan | Parawan jekekan
(Jajaka tuken tur tegep | Parawan tulen tur geulis)

Buntut Kasiran
(Koret, medit, kumed; pelit)

Buruk-buruk papan jati
(Najan ngewa atawa ambek ka dulur, aya karerepot mah tetep ditulungan)







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Paribasa jeung Babasan Sunda Tina Hurup B"