Sajak Sunda tentang Wanita

https://oangsun.blogspot.co.id/2018/02/sajak-sunda-tentang-wanita.html


Sajak sunda tidak kalah  bagusnya dibandingkan dengan sajak - sajak lain , seperti saya pernah membaca beberapa sajak , dan saya membaca sajak asli dari Tanah Pasundan , yang ditulis dan dikarang oleh Nanang Sos , Beliau lahir di Kecamatan Sodonghilir Tasikmalaya , beliau juga lulusan dari SMKI KOKAR Bandung , dan S1 dan S2 di Universitas Galuh Ciamis , Beliau dari kecil sudah hobby membaca , maka di bulan April 2016 beliau mengeluarkan buku yang berjudul DAWEUNG PANINEUNGAN yang berisi 163 sajak, saya baca-baca buku beliau dan saya menyukai sajak yang berisi tentang wanita .  ini beberapa sajak tentang wanita yang berada pada buku DAWEUNG PANINEUNGAN karya Nanang Sos dari Tasik .

SRIKANDI TASIK

Nētē akar ngeumbing jangkar ngaguar gawir tetelar
Hunyur kapaur digempur cadas teuas ditarajang
Ma ēroh srikandi tasik nu panceg dina pamadegan
Patēkadan kuat teuas bedas lir cadas nu teuas

Gunung tantung satungtungan, mata poē ngirim kēsang
Ngabetrak panas morērēt moē karep dina tanah angar
Ma ēroh pahlawan Tasik nu gumelar ti rahayat leutik
Norojol ti lēngkob Cisayong ngabongkar jungkrangna kalewang

Demi lemah cai nu nyingkur di Tanah Lembur
Tanah angar robah rupa cur-cor cai kahuripan
Ma ēroh Pahlawan Tasik nugar Pasir ku ka perih
Pangbakti ka lemah caina dina sajarah hirupna

Ma ēroh ...Srikandi Tasik nu pinunjul dina kaunggulan
Kalpataru geus ngarangkul buah tina katabahan kasobaran
Kasumangetan hirupna.

Ma ēroh Srikandi Tasik wawangian nyambuang  sa Nusantara

Nini Suji

Sumondo ngalongok panto , ngalantung dina tung-tung bangbarung
Pasihaan agaan ....sora peura ngahēas pegat datangna semu leslesan

Nu nuju diuji kaimanan Malaikat tihothat milu nyatetkeun  paniatan

"Pasihan agaan..." ceuk Nini suji bari nahan rasa anu lapar

"Pasihaan agaan ...!

Nini suji neureuy ciduh biwirna garing tigerat
Nu beunghar anteng malaweung teu malirē kanu hayang diberē

"Pasihan agaan ...!"leungeun namprak dina keleperna beuteung lapar
"Pasihan agaa...!"sora peura dina halabhabna nu la[ar dirangkul ku Malaikat..

VANNY


Runtuyan sagagang kembang nu renung di bulan Sēptēmbēr
Mekar duna bulan pangimplengan
Nyeumat panyatet nu ditulis dina pananggalan kapastian

Vanny
Wujud kembang nu randaka ku kanyaah 
Ligar dina pajuaran rasa sumanding dina dalingding hiliwirna
wawangi kembang kasmaran 

Vanny 
Jirim jatining hariring nu ngentringan asih wening
Mecut dina rēma rasa nu daria kurumpaka sora tembangna

Vanny
Lagu kalbu nu halimpu nu liuh satiap waktu

MOJANG PURBARATU

Siak angin nebak rambut anu panjan
Raray marahmay sari ēndah kempot pipi
Liuh pameunteu wening kahēman
Linduh soca sorotna liwung kagandrung

Di Purbaratu ...
Aya Mojang Ratuning jagat tangtungan
Medal tina pajuaran ageman  rasa
Nu ngancik dina wijining jatining kaweningan asih

Di Purbaratu aya bēntang nu nengggang ti kahiangan
Kiceupna celak kaliwung nu manggung dina kagandrung
Di Purbaratu aya kembang di Taman Atikan
Wawangina ngagalingding nyungsi asih gumelar di Taman Tresna.

Mojang Kalēr

Kagandrung tepung ngariung dina lamunan , sakanyaah
Sakahēman saudagan
Buah ati mustikaning ati , jimat rasa midang nenggang dina pangimplengan

Ku manis ....!
Heeemh...lēngkah kebat muru tanjakan salsē rinēh antarē ngalēr
Satumpukan kakange asih , ngangkleung nyingraykeun halimun lembur

Eeemmmmh....!!
Sajorēlat geter duriat diembat kunu ngolēbat saliwat...teu werat nolak

Nu geulis lucu rancunit nyumputkeun imut dipalebah buni seuri anu nyamuni
Ku Nyari ...!
Tanjakan jalan Kawali saremining jadi saksi nepikeun eusining ati
Diri kingking ngageunggeuik midangdam kanu nyorangan ...

bet kaleleban
Bongan rasa geus kapincut ku imut mojang nu nyumput

Ka irut
Rumasa ....! ceuk rasa !
Diri kagendam ku wirahma sorana rasa nu ngoncrang dina haeuang tembangna
Teu boga daya....nyanggakeun sadaya...daya!

Rumasa diri rumasa...!
Nyanding asih nu saati , kantun wantun dina mantun , mugia kauntun tipung

CISOCA WANOJA 

Girmis manjing ka burit , ngepris dina citangis nu geulis
Langit alum ngunngun nguyung liwung linglung kapidangdung
Hujan tēh ngeprak cimata ngalalakon cipanon
Cipruk baseuh bari beueus ngait dina pikir nu keur perih

Murak mulang ku panyawang , nyorēang mapayan alam ka tukang
Nu kasungsi asih bari nu bihari keur ngimpi bari ngageuri

Ngembat panjang lalampahan lalēwang pinuh hariwang
Ngajuringkang narepungan narembongan ngabebegigan

Deudeuh.... cisoca putrinyalangkrung , ngabendung napuk lamunan
Sono bogoh geus disorang , manjing bosen dibohongan ditinggalkeun

Horēng hirup lir sinētron lalakonna sok dicampuran cipanon
Kabagjaan ngan saliwat ngolēbat ngan sajorēlat

Tinggal dangding dina lagu pēpēling , kokojayan dina rasa kasobaran

Jirim asih kantin nganti kapastian panceg dina hiji kaputusan....

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sajak Sunda tentang Wanita"