Bahasa Sunda : Pengertian Pancakaki


https://oangsun.blogspot.co.id/2018/02/bahasa-sunda-pengertian-pancakaki.html

  1. "Pun aki mah nuu jumenengna kantos janten janten lurah ",ceuk Sujana ka Maman
  2. "Mun engkē perē, Tini mah rēk nyaba ka Ua ka Ciamis ,"ceuk Tini
  3. "Karēta mesin kuring dipēnta ku alo "ceuk Dudu
Lamun akina Sujana tēh Haji Hamid , ari ngaran Bapana Sakum , tah Haji Hamid ka Sakum tēh pernahna anak , ari ka Sujana incu.Kitu deui lamun uana Tini tēh Mistam , ari Indungna Wasih , tah Mistam ka Wasih tēh  pernahna adi ,ari ka Tini suan.kumaha ari nu disebut alo ?Alo mah nyaēta anak lanceuk .Lamun Dudu boga lanceuk ngaran Murni , terus Murni boga anak ngaran Wati, tah Dudu ka Wati tēh pernahna alo , ari Wati ka Dudu nyebutna emang.

Hubungan kakaluwargaan saperti kitu disebutna tēh Pancakaki.Panta-pantana bisa dibagi dua , nyaēta anu mapay kaluhur dimimitian ku Indung bapa jeung pancakaki numapay ka handap .
  • Pancakaki nu mapay ka luhur dimimitian ku indung(bapa)nVma ka nini(aki),uyut,bao,udeg-udeg,janggawarēng,nepi ka kait siwur.Saleuwihna tikait siwur disebutna karuhun atawa luluhur .
  • Pancakaki nu mapay kahandap dimimitian ku anak , nēma ka incu, buyut , nepi ka bao.Saleuwihna mah ti bao disebut sēkēsēlēr atawa teureuh tērah baē
Supaya leuwih tētēla pakaitna pancakaki , pēk tengetan sarsilah atawa runtuyan kulawarga dina pawayangan dihandap.
https://oangsun.blogspot.co.id/2018/02/bahasa-sunda-pengertian-pancakaki.html
Lamun Parikesit patokanana , ka Abimanyu pernahna Bapa , ka Arjuna pernahna Aki  , ka Pandu pernahna uyut, ka Abiasa pernahna bao , ka Parasara pernahna udeg-udeg , ka sakri pernahna janggawarēng, jeung sakutrem pernah na kait siwur.

Lamun Abiasa patokanana , Pandu pernahna anak ka Yudistira,Bima,Arjuna ,Nakula , jeung Sadewa pernahna incu ,ka Pancala , Gatotgaca ,jeung Abimanyu pernahna buyut , jeung ka Prikesit pernahna bao.

Lamun Abimayu nu jadi patokanana , ka Parikesit pernahna anak, ka Arjuna pernahna Bapa , Ka Pandu pernah aki , ka Abiasa pernahna uyut , ka Parasar pernahna bao ka sakri pernahna udeg-udeg ,ka sakutrempernahna janggawarēng, ka Nakula jeung sadewa pernahna paman , ka bima jeung Yudistira pernahna Ua , Ka Pancala jeung Gatotgaca pernahna dulur misan.

Aya deui istilah kakaluwargaan sējēnna , nyaēta anu disebut .
  1. Suan nyaēta Anak Adi  = Arjuna tēh adina Bima , Ari Abimanyu anak Arjuna , kukituna Bima ka Abimanyu pernahna suan. Ari Bima ka Parikēsit pernahna incu ti gigir , sabalikna , Parikesit ka Bima pernah aki ti gigir
  2. Alo nyaēta Anak Lanceuk = Yudistira tēh lanceukna Bima .Yudistira boga anak Pancala .Kukituna Bima ka Pancala pernahna Alo , Kitu deui Arjuna , Nakula , Sadewa ka Gatotgaca tēh pernahna Alo
  3. Dulur misan atawa dulur sabrayna , nyaēta anak paman ,bibi atawa ua = Lantaran Yudistira , Bima jeung Arjuna tēh adi lanceuk , atuh Gataotgaca tēh dulur sabrayna atawa dulur misanna Pancala jeung Abimanyu.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bahasa Sunda : Pengertian Pancakaki "