Dongeng Sunda Kuya jeung Monyet

https://oangsun.blogspot.co.id/2018/02/dongeng-sunda-kuya-jeung-monyet.html


Seuhah , lata-lata

Sakadang Kuya keur moyan disisi cai .Dicalukan ku sakadang monyēt , "Sakadang Kuya !"
"Kuk!"
"Urang ngala cabē,yu!"
"Ah sieun ku Aki Tani ".
"Tong sieun !Wayah kieu mah Aki jeung Nini Tani tara aya diluar".
"Hayu atuh , tapi ulah gareuwah .Bisi kadēngēeunku Aki Tani ".
Tuluy sakadang kuya jeung sakadng monyēt arasup ka kebon.
cabēna geus bareureum, arasak .
Am sakadang monyēt ngahuapkeun hiji .Dicapēk.Ldaeun . Monyēt ngagorowok,"seuhah ! lata ! lata ! seuhah seuhah!".
"Rēpēh atuh ! ulah ngēcēblēk ! bisi kadēngēeun ku Pa Tani ," cēk Sakadang Kuya.
"Seuhah , lata , lata ! seuhah lata-lata!"
Jol Aki Tani
Kek Sakadang kuya di tēwak . Ari Sakadang monyēt mah kabur .
Sakadang Kuya di asupkeun kana kurung.
"Isukan urang peuncit," ceuk Pak Tani

Peutingna Sakadang monyēt nyampeurkaun kana kurung.
Ceuk Kuya ."Tah kabeneran sakadang monyēt datang .Isukan ulah teu kadieu ,nya !"
"Na aya naon ?"
"Apan dēwēk isuk rēk dikawinkeun ka anak Pa Tani .Nu matak ayeuna dikurungan .Bisi minggat .Mun minggat ēra ku tatangga , cenah .Rēk ngawinkeun teu tulus da pangantēnna minggat."
"Ganti baē atuh silaing ku dēwēk  . Dēwēk mah leuwih pantēs .Pa Tani tangtu leuwih atoheun ."
"Hēg waē ari hayang jadi minantu Pa Tani mah . Tapi dēwēk alungkeun heula ka leuwi .".
Sakadang kuya dikaluarkeun tina kurung ku sakadang Monyēt.Tuluy di alungkeun ka leuwi.Sakadang monyēt ngurungan manēh.
https://oangsun.blogspot.co.id/2018/02/dongeng-sunda-kuya-jeung-monyet.html

Isukna Nini Tani nanya ka Aki Tani ,"Geus diasah bedog tēh ? pan rēk mencit kuya tēa."
Kadēngēeun ku sakadang monyēt .pikirna ,"Geuning rēk dipeuncit .Lain rēk dikawinkeun."
Tuluy sakadang monyēt ngagolēr papaēhan .
Pa Tani ambek , lantaran sakadang Sakadang Kuya leupas ,Nua aya bet monyēt paēh.
Ku Pa Tani sakadang monyēt tēh keleweng di alungkeun ka kebon.
Barebet Sakadang monyēt lumpat ka sisi leuwi , pucunghul Sakadang Kuya ti jero cai .
Kuya nanya bari seuri ,"Kumaha ,sakadang monyēt , tulus dikawinkeun tēh ?"
Jawab sakadang monyēt,Bororaah.kalah ka rēk dipeuncit, untung boga akal , papaēhan,".

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dongeng Sunda Kuya jeung Monyet "