Dongeng Sunda Nini Antéh Pindah ka Bulan

https://oangsun.blogspot.co.id/2018/01/dongeng-sunda-nini-anteh-pindah-ka-bulan.html


Caang bulan mani ngempray , Barudak marulan diburuan . Dariuk dina jukut bari ngarobrol .Aya nu ngawih . "Bulantok , bulantok , itu bulan sagedé batok ."
Ceuk Bébén ." Tuh ,Nini Antéh keur ninun dibulan .Tuh , ucingna ,gigireunana."
Rudi nanya ,"Kumaha Bén dongéngna ?Naha Nini Antéh aya di Bulan ?".
Ka Wida nu apaleuna mah , pék Wid , dongéngkeun ."
Paralak Ka Wida ngadongéng ?
"Nini Sunti boga ucing , bageur , tara pulang -paling .Dilembur Nini Sunti loba budak  bangor .Sok ngabaralédogan ucing Nini Sunti .
Ucingna keur cicing atawa keur moyan , sok geplak baé diteunggeul.Sok nepi kageutihan .Sakapeung sok nepi ka pincang .Ku Nini Sunti sok di geunggeureuhkeun .Tapi  barudak téh kalah ngaléléwé.

Nini Sunti hayangeun pindah ka Bulan . Da di Bumi mah loba nu jahat. Tuluy nunuhun ka Nu kawasa .Nini Sunti ngimpi .Dina Impianana Nini Sunti melak kacang panjang tilu siki ,Kacang Morontod jadina .Ngareuy nepi ka Bulan .

Isukna Nini Sunti nyokot tilu siki kacang ti dapur .Tilu siki . Tuluy dipelak.
Kacang morotod , saperti dina impian , ngareuy nepi ka Bulan.Mangrupa tarajé .Térékél Nini Sunti naék . Ucingna di kélék .
"Urang pindah ka Bulan .Didunya mah loba nu jahat ,"omong Nini Sunti ka Ucingna .

Di Bulan Nini Sunti melak kapas .Unggal poé nyieun kantéh , katelah baé Nini Antéh .
Ari geus loba kantéhna Nini Sunti sok Ninun ,ucingna sok depa gigireunana ."

Dongeng Dalam Bahasa Indonesia

Terang bulan sangat terang , Anak-anak bermain dihalaman rumah , sambil duduk dirumput sambil ngobrol . Ada yang bernyanyi " Bulantok , bulantok  ,itu bulan sebesar batok ."
Kata Bébén ."Itu , Nini Antéh sedang menenun di Bulan . Tuh Kucingnya , di sampingnya."
Rudi bertanya ."Bén Bagaimana ,cerita dongengnya ? Kenapa Nini Antéh ada di Bulan?".
Kak Wida yang hapal ceritanya mah , Silahkan Wid , dongeng kan !"
Langsung saja Kak Wida mendongeng.
"Nini Sunti mempunyai kucing , yang nggak suka cura-curi . Di lembur Nini Sunti banyak anak-anak nakal . Suka melempari kucing Nini Sunti.
Kucing sedang diam dan jikalau sedang berjemur , suka plak di pukul , terkadang sampai berdarang , terkadang juga sampai pincang . Ku Nini Sunti sering ditegur .tapi anak-anak sebaliknya malah mengejeknya.

Nini Sunti ingin sekali pindah ka Bulan , dikarenakan di Bumi banyak orang-orang jahat , Kemudian memohon kepada yang Kuasa .Nini Sunti bermimpi ,Dalam impiannya .Nini Sunti menanam kacang panjang tiga biji , kacang tumbuh gemuk , merambat sampai ke Bulan .

Pagi- pagi Nini Sunti mengambil biji kacang dari dapur , tiga biji , kemudian ditanam.Kacang tumbuh cepat dan besar , persis seperti dalam impiannya , merambat sampai ke Bulan. Seperti tangga ,langsung saja Nini Sunti naik , kucingnya dijepit diketiaknya  .
"Kita pindah ke Bulan , Di Dunia banyak oang jahat !?"Nini Sunti berbicara kepada kucingnya.

Di Bulan Nini Sunti menanam kapas .setiap hari membuat kantéh . kemudian disebutlah Nini Antéh ,
 Jikalau sudah banyak  kantéhna Nini Sunti suka menenun . Kucingnya suka tidur di sampingnya.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dongeng Sunda Nini Antéh Pindah ka Bulan"