Nadhom Sejarah dan Nasab Nabi Muhammad SAW

https://oangsun.blogspot.co.id/2018/03/nadhom-sejarah-dan-nasab-nabi-muhammad.html


*Gusti urang sadayana
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengan nana
Arab Kuraisy nya Bangsana

*Ramana sayid Abdulloh
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeun na di Mekah
Wengi Senen taun gajah

*Robiulawal bulan na
Tanggal kadua belasna
April bulan masehina
Tanggal ka dua puluhna

*Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna
Sareng sahiji punjulna

*Siti Aminah misaur
Waktos babarna  ka catur
Ningal cahya mani ngempur
Dibumina hurung mancur

*Babar taya kokotoran
Bayi tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan


*Lahir Nabi akhir zaman 
seueur pisan kaanehan 
Sesembahan bangsa syetan 
Kabeh pada karuksakan

*Nabi yuswa lima bulan
Tos tiasa angkat -angkatan 
yuswa salapan bulan
Tos capetang sasauran

*Yuswana sapuluh bulan 
Ahli pisan papanahan 
Ngelehkeun budak nu lian 
Tapi tara kumagungan 

*Parangi  na kanjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede ka wani 
Sabar nyaah kasasami

*Keur opat taun yuswana
Nabi dibeulah dadana 
Dibersihan manah na
Malaikat nu meulahna

*Jibril ka dua rencangna 
Mikail jenengan nana
Ngeusikeun kana manah na
Ilmu hikmah sa pinuhna



*Teras dada kanjeng Nabi
Enggal dirapetkeun deui
Sarta teu karaos nyeuri
Dicap Khotamin Nabi

*Harita Nabi aya na
Dilembur ibu inangna
Halimah jenenganana
Sadiyah ngaran lemburna

*Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi  di bobotkeun
Dua sasaih ka ungelkeun

*Keur lima taun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Teras dirawat Eyangna
Abdul Mutholib asma na

*Kersana Robbul Alamin
Kanjeng Nabi nu Prihatin
Yuswa dalapan taun yakin
Eyngna mulih ka batin

*Sabada  wafat eyangna
Nabi dirawat Uwana
Abi Tholib kakasihna
Saderek teges ramana

*Kanjeng Nabi sering pisan
Dicandak ka Nagara Syam
sok nyandak barang dagangan
 Didinya teh pajeng pisan





*Kacatur di eta Nagri
Loba pandeta Yahudi
Sarta pandeta Nasrani
Tepang sareng Kanjeng Nabi

*Sadayan sasauran
 Ieu jalma moal nyalahan
Pi Nabieun akhir jaman
Toret Injil tos ngibaran

*Sipat Nabi Panganggeusan
Aya dianjeuna na pisan
Harita loba nu Iman
Ka Nabi ngangken panutan

*Lami-lami kanjeung Nabi
Disambat ku hiji istri
Dagangna ka unggal negeri
Kauntungana na dibagi

*Istri Jenengan Khodijah
Putri Khuailid ka telah
Nupang kayana  di Mekah
Ka Nabi langkung nyaah

*Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi barang dagangan
Maesaroh nu ngarencangan
Ka Nabi purah nyarengan











*Kacarios Maesaroh teh
Seueur pamendak nu aneh
Ciciren Nabi nu Sholeh
Matak hareraneun kabeh

*Tatangkalan uluk salam
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap ka Nabiyan
Dina salira na pisan

*Pamendak Siti Khodijah
Sami sareng Maesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di tikah

*Harita Yuswana  Nabi
Salawe taun ka warti
Ngadak - ngadak sugih mukti
Tapi tambah sae ati

*Karesep na Kanjeng Nabi
Ka Gusti Alloh ngabakti
Di Gua Hiro maranti
Ibadahna saban wengi

*Didinya jol kasumpingan
Jibril nurunkeun Quran
Kalawan dawuh Pangeran
Nabi didamel utusan

*Harita Yuswanana Nabi
Pat puluh taun ka warti
Diutus ku Alloh pasti
Nyebarkeun Agama Suci


*Anu iman pang heulana
Siti Khodijah Garwa na
Abu Bakar ka dua na
Shobat nu pang mulyana

*Murangkalih nu nonoman
Anu pang heula na Iman
Sayyidina Ali pisan
Ka Nabi saderek misan

*Jeung ari jalma beulian
Anu pang heulana iman
Sidna Bilal kaleresan
Anu jadi tukang Adzan

*Ari lolobana pisan
Ka Nabi teh ngamusuhan
 Nganiyaya ngajailan
Teu aya pisan rarasaan

*Sohabat  na kugsi ngalih
Ka Nagri Habsyi nu teubih
Didinya anjeun na linggih
Kira kenging tilu sasih

* Shohabat mulih ti Habsyi
Ka carios kanjeng Nabi
Kenging pohara cocobi
Kersa na nu Maha Suci







*Uwana saeng garwana
Pada pupus dua nana
Harita Nabi yuswana
Kali puluh taun na

*Tos pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti Aisah
Umil mu'minin katelah

*Ta dinya kersa Pangeraan
Maparin ka mulyaan
Ka Nabi nu akhir zaman
Kakasih nu sifat Rohman

*Nuju tanggal tujuh likur
Sasih rajab nu ka catur
Nurut kaol anu masyur
Kanjeng Nabi teh disaur

*Dipapagna ku malaikat
 Nyandak burok nu kasebat
Leumpangna teh siga kilat
Tungganganeun Nabi angkat

*Ti Mekah ka Baitil Maqdis
Teu nganggo lami antawis
Kujalmi henteu ka tawis
Kersana Alloh nu Wacis

*Ti baitil Maqdis terasna
Naek na tangga Kancana
Miraj tea kasebatna
Ka langit Nabi sumpingna


 *Tujuh langit sadayana
Jeung 'Arsy nu pang luhurna
Disumpingan sadayana
Katut Surga Naraka na

*Kanjeng Nabi ditimbalan
Ku Alloh nu sifat Rohman
Anjeun na kedah netepan
 Sholat muji ka Pangeran

*Kabeh jalma anu iman
Sami pada kawajiban
Sholat nu lima giliran
Henteu kenging di kirangan

*Sholat eta minangka na
Dina Agama Tihang na
Jalmi nu luput sholatna
Nyata rubuh Agama na

*Kacaios dina zaman
Mirajna Nabi panutan
Yuswa na teh kaleresan
Lima puluh taun jalan

*Kafir Mekkah ka caturkeun
Barang Nabi nyarioskeun
Miraj lain di mulyakeun
Malah pada nyeungseurikeun




*Pada hasud ngakalakeun
Tidinya Alloh ngersakeun
Kanjeng Nabi dialihkeun
Ka Madinah di hijrahkeun

*Sohabatna pirang-pirang
Nu bumela milu Iang
Milu ngalih sewang-sewang
Henteu pisan sumoreang

*Tambah kamulyaan Nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi rame kunu ngaji
Muju kanu Maha Suci

*Sapuluh tahun lamina
Di Madinah Jumenengna
Agama islam cahyana
Gumebyar kamana - mana

*Nagri Mekah di perangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yakin sanes jijieunan

*Ari yuswa Kanjeng Nabi
 Genenep puluh tilu pasti
Makom na dijero Nagri
Madinah Nagara suci

*Para puta na jeng Nab
Aya opat anu istri
Siti Zainab ka hiji
Ruqoyah nu hiji deui
*Umi Kulsum  ka tiluna
Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna
Sidna Qosim kakasihna

*Sidna Abdulloh rayina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah Ibu na

*Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenengan nana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunan nana

*Putra nu pameget kabeh
Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogr na trh
Para sahabat nu soleh

*Siti Zainab caroge na
Abul  'Ash jenenganana
Siti Ruqoyah carogena
Sidna Utsman mimitina

*Tos Siti Ruqoyah hilang
Anjeun na turun karanjang
Umi Kultsum putri lajang
Ditikah gentos nu hilang



*Caroge Siti Patimah
Sidna Ali nu katelah
Bikarromallohu Wajhah
Anu kamasyhur gagah

*Ari putu Kanjeng Nabi
Dalapan pameget istri
Siti  Umamah jeung Ali
Ti Siti Zaenab kawarti

*Ari Sidna Abdulloh mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu ti Siti Fatimah
Aya lima kabeh na mah

* Tilu anu pamegetna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husen kaduana
Sidna Muhsin ka tiluna

*Umi Kultsum nu istri na
Ka Sidna Umar nikahna
Siti Zainab ka dua na
Nurut ungeling wartosna

*Urang kudu cinta ati
Katurunan kanjeng Nabi
Poma ulah goreng ati
Sumawon na hiri dengki

*Ari mungguh kanjeng Nabi
Nyaahna langkung ti istri
Kaumatna jaler istri
Leuwih ti sepuh pribadi




*Welas asih ka nu miskin
Sumawon ka budak yatim
Pada wareg ku paparin
Kadaharan jeung pasalin

*Akuan ka urang kampung
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung
Sanajan ka urang gunung

*Kanu nyandang kasusahan
Gering jeung kapaptenan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun ka kuburan

* Manis saur manis budi
Estu mustika ning jalmi
Sae rupi jeng parangi
Sajagat moal mendak deui

*Raray lir bulan purnama
Halisna lir ketumbiri
Waos lir biduri
Salira harum wawangi

*Estu kersaning Pangeran
Lain seungit diminyakan
Karingrt pada nandean
Dipake seuseungitan


*Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna
Kalangkung handap asor na

*Anggoan kersa lumayan
Najan nu geus ditambalan
Kitu deui ka tuanganan
Banget pisan dikirangan

*Betah dina kamiskinan
Sanes sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah Ridlo na pangeran

*Pirang-pirang mujizat na
Tawis ka Nabiyan nana
Quran nu nomer hijina

*Tangkal nu perang daunna
Disiram tilas abdas na
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup satuluyna

*Domba nu banget kuru na
Sarta na lepet susu na
Diusap ku pananganana
Ngadadak juuh susuna

*Dina hiji waktos deui
Sohbat kakirangan cai
Teras bae kanjeng Nabi
Mundut cai anu kari 
*Cai ngan ketel pisan
Taya deui anu lian
Nabi neuleumkeun pangangan
Dumadak tuluy manceran

*Cai mancer loba pisan
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan
Cukup ku jalma rebuan

*Ka catur hiji Badewi
Ngadoja ka kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara jalmi

* Tuluy tangkal teh di saur
Harita ku kanjeng Nabi
Tangkal datang ngagulusur
Akar na teh digugusur

*Ngadeuheus ka kanjeng Nabi
Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Katempat asal na tadi

*Badwi teh ngan kantun heran
Ningal eta ka anehan
Teras bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan



*Salian na loba deui
Mu'jizat na kanjeng Nabi
Mun di wincik hiji-hiji
Keur nulis na moal mahi

*Ya Alloh nu Rohman
Abdi sadayana Iman
Teu aya deui pangeran
salain tianjeun pisan

*Nu ngadamel bumi alam
Rawuh sa eusi na pisan
Nu wajib di Ibadahan
Taya anu nyasamian

*Sareng abdi iman deui
Ka sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Nabi
Miwulang sadayana jalmi

*Nu sifat ka percayaan
Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran
Najan saur ka heureuyan


*Dawah na Kanjeng Nabi teh
Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh pangeran nu sholeh
Nu wajib di turut na teh

*Hormat  ka anjeun na
Dina mangsa jumenengna
Sareng sabada wafatna
Eta teu aya bedana

*Duh gusti junjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Ka nu hina diri abdi

*Abdi umat akhir Zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan

*Di yaumil akhir pamugi
Abdi sing janten ngahiji
Sareng ibu rama abdi
Ngiring gusti ka sawargi

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Nadhom Sejarah dan Nasab Nabi Muhammad SAW"